banner bacabuku
Si Kabayan Jadi Dukun

Si Kabayan Jadi Dukun

Moh Ambri
Ebook

Sinopsis

Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah Saikem pamajikanana nu sasat jadi cukang lantaranna mah Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling Basa kadatangan semah nu neangan dukun lepus Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampilingan heula Nya sanggeusna disiksa ku deungeun deungeun bari jeung teu nyaho naon kasalahanana Si Kabayan kapaksa daek dititah ngajiad Nyi Hasanah anak sudagar anu katarajang kasakit pireu barang rek dikawinkeun ku bapana Ari saenyana mah Nyi Hasanah teh pipireuan Manehna teu suka dikawinkeun ka Haji Latip da puguh geus pakait pikir jeung Agus Agus nyamur jadi pangiring Embah Dukun nepi ka bisa paamprok jeung bebenena Teu sakara kara Nyi Hasanah bisa ngomong deui ngan orokaya terus dibawa kabur ku Agus Atuh puguh guyur Tah kumaha ari geus kitu Sae diaos bae Matak pogot macana geura Da sok sanajan rangkayna meunang mindahkeun tina naskah drama Le Medecin Malgre Lui karya Moliere 1622 1673 ge ieu novel karya Mohamad Ambri 1892 1936 teh teu wudu karasa nyundana Barina ge saha nu teu apal ka Mohamad Ambri pangarang Sunda kawentar anu karangan karanganana teu weleh dipikameumeut ku balarea

Detail Buku

Jumlah Halaman 67
Kategori Novel
Penerbit Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit 2021
ISBN 978-623-7295-46-4
eISBN 978-979-419-847-6
Si Kabayan Jadi Dukun

Si Kabayan Jadi Dukun

Moh Ambri