banner bacabuku
Pangeran Kornel

Pangeran Kornel

R Memed Sastrahadiprawira
Ebook

Sinopsis

Tapi aneh beda tina sangkaan gelap t h diarep arep teu disada sabab Tuan Marsekalek kaburu kaget ku pepetaanana pangawulaan olohok kawas nu leungiteun akal Ari nu jadi ngagetkeun ka Tuan Besar nyaeta ba rang song anjeunna ngasongkeun panangan ku Dalem Sumedang disambutna ku panangan kiwa sabab nu tengen mah dianggo nyepeng lan dean keris nu geus beunang ngagilir keun ka payun Ari lilir tina hookeunana reup rarayna Tuan Marsekalek beureum socana muncereng waosna kekerot bendu ngagu gudug dum h ngaraos diunghak Kawasna lamun teu emut kana kajatnikaan salira palay gampleng bae neunggeul ku tetekenna Sakur nu narenjo pada bengong beungeutna ngadadak parias inggis batan maut hinis rempan batan mesat gobang sieun goreng balukarna Saha nu teu rek mangsalem pang keun ka Dalem Sumedang sabab cek babasan tea mah pacikrak ngalawan merak bonteng ngalawan kadu Tangtu bae anjeunna anu cilaka sabab ari Tuan Besar mah anu ka gungan kakawasaan satanah Hindia kawasa mocot kawasa ngahukum Komo ieu mah sakitu barangasanana pantesna moal aya rasrasan

Detail Buku

Jumlah Halaman 146
Kategori Novel
Penerbit Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit 2021
ISBN 978-623-7951-21-6
eISBN 978-979-419-939-8
Pangeran Kornel

Pangeran Kornel

R Memed Sastrahadiprawira