Logo Bacabuku
Ning

Ning

Teddi AN Muhtadin
Ebook

Sinopsis ebook

Puguh we dina enas enasna mah sajak Teddi teh katingalina miang tina pangalaman pribadi nu kongkrit Ngan bae lebah ngebrehkeunana katembong nu nyajak metakeun tarekah sangkan tepi ka pribadi pribadi lianna nyaeta kum we nu maraca Lebah dieu katitenan perkara nu kadua nyaeta perkara pretensi sajakna Dina ieu buku aya sawatara sajak nu tayohna ngajak mikir sasat aya momot gagasan di satukangeun ungkarana Sajak Siram Sabudereun Meja Ngeunteung jeung Tembang Tresna Saos Tomat upamana siga ka dinya loyogna Nu nyajak sasatna ulin di antara kalangkang jeung logika nu teu pamohalan aya kalana pabentar silih yakinkeun Nu diimplengna aya kalana tumali jeung pati cara Tutas Mandi Muka Lomari atawa Ngiringkeun Pasaran tur aya kalana deuih tumali jeung hal ihwal nu sipatna metafisik cara Ngaderes Hasan Mustapa atawa Halwat Ku jalan kitu bawirasa Teddi geus nembongkeun potensina enggoning ilubiung ngamekarkeun sajak Sunda

Tags:
Keywords:

Detail Buku

Jumlah Halaman 53
Kategori Umum
Penerbit Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit 2024
ISBN noisbn
eISBN 978-623-221-254-1
Ning

Ning

Teddi AN Muhtadin