Geus dua peuting salaki teu balik Pundung Paduli teuing di imah nungtun wae rajawisuna Sakalian ku kuring mah bajuna ge digembolan ku samping urut tilam ompol Si Bungsu Ambeh ari manehna datang kari sok we mikeun Lieur Balik balikanan saimah wae nungtun pipaseaeun Pasualan saeutik bisa jadi pasea rongkah Tiis ning taya salaki mah Taya nu barang geureuh najan sapoe jeput teu barang gawe Malahan asa tumaninah ulin ge Kamari mah ngablu we ka lembur Awi Gede lalajo turnamen poli jeung barudak ngora Pan balik teh dianteurkeun ku tukang ojeg nu sok biasa mangkal hareupeun pos ronda Kang Dahlan ngaranna teh Cenah mah duda geus aya taunna ditinggalkeun maot ku pamajikanana Mana teu hariwang teu salempang jadi randa ge Cacak karek popoean geus aya nu daek tunyu tanya Cutatan di luhur dipetik tina carpon Mun Tulus Jadi Randa salah sahiji tina 16 carpon karya pangarang wanoja Sunda anu pangproduktifna Jiga Ahmad Bakri Holisoh tapis tur parigel dina ngagambarkeun kahirupan jalma leutik hususna nu hirup di pilemburan nyanghareupan parobahan jaman Geus dua peuting salaki teu balik Pundung Paduli teuing di imah nungtun wae rajawisuna Sakalian ku kuring mah bajuna ge digembolan ku samping urut tilam ompol Si Bungsu Ambeh ari manehna datang kari sok we mikeun Lieur Balik balikanan saimah wae nungtun pipaseaeun Pasualan saeutik bisa jadi pasea rongkah Tiis ...ning taya salaki mah Taya nu barang geureuh najan sapoe jeput teu barang gawe Malahan asa tumaninah ulin ge Kamari mah ngablu we ka lembur Awi Gede lalajo turnamen poli jeung barudak ngora Pan balik teh dianteurkeun ku tukang ojeg nu sok biasa mangkal hareupeun pos ronda Kang Dahlan ngaranna teh Cenah mah duda geus aya taunna ditinggalkeun maot ku pamajikanana Mana teu hariwang teu salempang jadi randa ge Cacak karek popoean geus aya nu daek tunyu tanya Cutatan di luhur dipetik tina carpon Mun Tulus Jadi Randa salah sahiji tina 16 carpon karya pangarang wanoja Sunda anu pangproduktifna Jiga Ahmad Bakri Holisoh tapis tur parigel dina ngagambarkeun kahirupan jalma leutik hususna nu hirup di pilemburan nyanghareupan parobahan jaman