banner bacabuku
Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana

Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana

Ajip Rosidi
Ebook

Sinopsis

Maksud teh ku lantaran Haji Hasan Mustapa HHM ayeuna geus diaku ku masarakat Sunda minangka bujangga anu pangbadagna malah dipiagul dipikareueus tur geus dileler Hadiah Seni ku Presiden nya meujeuhna lamun sakabeh karya karyana dibaca ku urang Sunda Da asa piraku ari urang Sunda mikaagul HHM tapi teu wawuh kana karya karyana mah Minangka lengkah munggaran kuring milihan karya karya anu ceuk kuring mah pangrepresentatifna pikeun ieu buku anu mangrupa mangle antologi karya karya HHM anu munggaran Dina ieu buku lain bae dimuat karya karya sastrana tapi oge petikan tina seratan seratan ngeunaan adat ngeunaan agama istilah jeung lian lianna Malah seratanana anu dina basa Jawa jeung Malayu oge dimuat Seratanana dina basa Arab oge dimuat ngan disalin heula kana basa Sunda ku Sdrk H Josef C D Ari nu dina basa Jawa jeung Malayu mah henteu disalin heula sabab moal pati hese teuing keur urang Sunda nu macana Kahayang mah tina seratan seratan HHM anu petikanana dimuat dina ieu buku nu maca bisa meunang gambaran ngeunaan eusi sarta cakrawala kabujanggaan HHM Memang aya anu sipatna kontroversial tapi urang baris ningal janggelekna pribadi HHM anu memang badag AJIP ROSIDI

Tags:

Detail Buku

Jumlah Halaman 502
Kategori Umum
Penerbit Kiblat Buku Utama
Tahun Terbit 2020
ISBN 978-623-7295-78-5
eISBN 978-979-419-755-4
Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana

Haji Hasan Mustapa jeung Karya-karyana

Ajip Rosidi