Najan anggang jauh ti lemburna Yaya Rukayadi Kang Ya tetep henteu leungiteun jati diri nu napak kana budaya Sunda Pangna kitu keur nembongkeun rasa nyaah kana budaya jeung nganteungkeun tatali batin ka lemah caina ditengah tengah kasibukanana Kang Ya sok mentingkeun nyieun carita pondok kalawan dimuat lolobana di Majalah Mangle jeung sababaraha di koran Tribun Jabar Jinekna aya 31 judul dimuat di Majalah Mangle 3 tilu judul di koran Tribun Jabar jeung 2 dua judul karangan nu tacan dimuat Jejercaritana rupa rupa ti mimiti carita duriat carita pentingna kulawarga katuangan Sunda kaunggulan obat herbal Sunda nasib TKW nasib alam Sunda kapamingpinan Sunda jeung carita kahirupan lianna
| Jumlah Halaman | 354 |
|---|---|
| Kategori | Umum |
| Penerbit | Kiblat Buku Utama |
| Tahun Terbit | 2025 |
| ISBN | 978-623-469-096-5 |
| eISBN | 978-623-469-097-2 (P |