Ti wangkid harita ku lantaran eta hayam teh kongkorongokna ngelewung nya dingaranan hayam pelung Demi manjangkeun katurunan eta hayam ku Mama Djarkasih dikawinkeun ka hayam kampung bikangna Tug nepi ka kiwari Si Pelung jadi kareueus urang Cianjur malah geus dipisuka ku balarea Eta cutatan tina salah sahiji carita dongeng Asal usulna Hayam Pelung tina salapan carita dongeng nu dipidangkeun dina ieu buku Aya dongeng nu sipatna sasakala legenda nu boga kasang tukang sajarah jll na Mudah mudahan ieu buku bisa jadi pangajaran moral pikeun urang pangpangna barudak urang
Jumlah Halaman | 106 |
---|---|
Kategori | Pustaka Anak |
Penerbit | Kiblat Buku Utama |
Tahun Terbit | 2021 |
ISBN | 978-623-7295-57-0 |
eISBN | 978-979-419-724-0 |